Asa teu ilahar panggih dulur salembur nu pas ngobrol langsung matak inget ka lembur. Sanes dulur-dulur teuing sabenerna mah, tapi ari paamprok nu salembur di lembur deungeun teh sok asa manggih dulur. Komo mun geus ngawangkong ka ditu ka dieu, pek teh boga babaturan nu sarua, jadi asa manggih topik obrolkeuneun. Nya naon deui mun lain ngomongkeun babaturan nu sarua eta.
Basa minggu kamari, kakaraan kuring pendak Manshur Angklung nu tos ti jaman babaraha taun ka tukang katelah pisan namina di jagad maya. Mantenna mahir pisan maenkeun alat musik angklung toel, nu dikolaborasikeun jeung musik EDM. Ku lantaran ngawinkeun seni tradisional jeung modern eta, Kang Manshur bisa saba kota ti hiji panggung ka panggung lain, ti hiji lembur ka lembur lain, malahan mah welasan nagara tos kapapay sababaraha kali. Mun ngaregepkeun caritana mah meni resep keur bandungkeuneun, matak kabita nu ngaregepkeun.
Nu bakal diinget ti Kang Manshur teh, mun ngageroan kuring teh sok make sapaan “Mang”. Mimitina mah “Kang”, tapi lila ka lila mah jadi “Mang”. Meureun mimitina mah segan keneh jadi nga-akang-akang. Tapi saprak manggih momentum ngabarakatak bareng mah, ngeser oge jadi “Mang”.
Inget baheula keur jaman sakola di Kairo, barudak Jawa Barat mah sok manggil kanu akur urang Sunda teh “Mang”. Mun anu sok dilabelan “Akang” mah biasana senior nu katelah pinter, nu digurukeun, atawa boga pangkat sosial nu dihormati ku sarerea. Tapi ari ka manusa biasa-biasa mah, kabeh ge akur sok dilandih “Mang”. Keur pribados mah, “Mang” teh asa digeroan ku balad sapangulinan, sakaligus asa leuwih “haneut” mun dipanggil “Mang” teh. Dumuk ari di lembur mah kuring boga alo nu rea, nepi ka kolot-kolotna ge sok manggil “Mang” ka kuring teh.
Di antara nu diobrolkeun jeung Kang Manshur teh tangtos soal musik jeung kasenian. Bari jeung kuring teu pati ngarti ge, der weh nyambung gening saeutik-saeutik mah. Teu ngarti musikna, minimal ngarti mun ngomongkeun program-program Dedi Mulyadi nu salila ngajabat jadi Bupati Purwakarta sok ngayakeun acara kasenian. Malahan mah geningan loba babaturan Kang Manshur, nu kabeneran kuring ge wanoh, nu sok “ngamen” di panggung Dedi Mulyadi di Purwakarta. Ti obrolan eta oge, jadi weh nostalgia muterkeun lagu-lagu Emka 9.
Meni asa nineung, inget mimiti pisan nguping lagu-lagu eta basa taun 2012. Salah sahijina lagu nu judulna "Girimis". Harita teh sok diputerkeun di hape Esia menang hadiahan ti acara lomba nulis blog. Teuing kumaha nasibna eta hape, caritana mah harita teh renang di Hotel Intan di Purwakarta jeung barudak, teras aya ibu-ibu ngadon nangkring di bale tempat arurang nyimpen pakaian jeung kantong. Heg teh hape jeung artos mapuluh rebu leungit. Carita eta jadi keingetan deui pas muterkeun lagu "Girimis". Asa ku kagugu boga hape anyar menang ti lomba, karek dipake dua minggu, dieusian lagu-lagu Emka 9, apek teh sajorelat leungit.
Aya oge lagu "Dangding", nu lirikna hade jeung titeneun pisan. Sanajan teu pati ngartos kana harti kata per katana, tapi secara keseluruhan mah lirikna, iramana, aransemenna, mantes pisan dijempolan. Basa ngobrol jeung Kang manshur mah, nami Iman Ulle kasebut-sebut sababaraha kali, sabage juru kunci di dapur produksi lagu-lagu Emka 9 nu pohara aralusna.
Ngobrol jeung Kang Manshur teh asa manggih balad dina bab kasenian. Sanajan kuring teu boga pangabisa dina lagu-laguan atawa maenkeun alat musik, tapi ku lataran sok ngagambar, jadi asa sarua weh sagetih satulang jeung sasama senimah teh. Malah mah kuring ge nyarita ka Kang Manshur yen baheula pas lulus SMA teh, kungsi aya opsi bade daptar kuliah di STSI, nu ayeuna mah tos gentos nami jadi ISBI Bandung. Harita mah teu pati boga alesan aneh-aneh, naha bet kapikiran hoyong ka STSI. Jigana pedah sok ruang riung jeung Kang Rudy, Teh Seli, jeung barudak di komunitas sastra, jadi aya kaidean kuliah Teater, beh bisa pokus diajar nulis naskah drama jeung sajabana. Tapi dina prakna mah ternyata lain kitu, malah jadi nyasab kuliah di tempat lain di jurusan sejen.
Kang Manshur datang ke DC carita mah dina raraga ngeusi acara festival Indonesia nu kakaraan diayakeun di ibu kota Amerika, diklaim sabage festival Indonesia pangbadagna di Amerika Serikat. Acarana gonjreng pisan, hadirinna kacida leahna, malah teu leuleuwihan mun disebut acara eta teh sukses pisan. Hiji nu hanyakal teh, Kang manshur tampilna ngan sauprit, asana mah teu nepi 15 menit. Padahal perjalanan ti Bandung ka DC teh bisa 30 jam mangkatna hungkul, pek teh tampilna ngan sakolebat.
Nya mudah-mudahan aya rejeki jeung takdir sanes, anjeunna tiasa ka DC deui, tampil deui, jeung silaturahmi deui, sangkan bisa ngobrolkeun hal lain. Nya teu di DC ge di mana sugan, da dunya teh lega pisan, perjalanan hirup ge bisa ngalir tanpa terdugdag tea geningan. Komo si Kang manshur mah ti DC teh der langsung ka Copenhagen, bari jeung kudu ngalaman pesawatna dibatalkeun oge lantaran gangguan teknis cenah mah, nepi ka ganti pesawat ka poe isukanna. Atuh 24 jam ngendong di bandara. Rupa-rupa nya hirup teh. Hehe...
4 September 2024.
Komentar
Posting Komentar