Bener wae ceuk papatah, sakumaha gedena jelema, di hareupeun kolotna mah angger budak. Boh gede boh leutik, boh nganggur boh gawe, boh lajang boh ngabuntut, di hareupeun kolotna mah angger wae budak.
Lantaran eta, urang teh teu bisa leupas tinu ngarana kaasih indung. Sakumahana endahna alam dunia, moal samerenah endahna nalika urang ngajengjehe di lahunanna bari diusapan kalawan kanyaah nu nyeah. Nepi ka hiji wanci, kuring asa ku kagugu pisan kana gereget hate hayang ngadangu bewara ti lembur ngan ku sabab ningali kalangkang dadaunan di saluareun jandela kamar. Komo keur usum halodo kieu mah, sok beda waasna mun heab srengenge nu kaayak dangdaunan teh.
Jug weh kuring mangkat ka hiji wartel, da ngandelkeun skype-an atau telepon line jeung wahtsapp mah sok hese nyambung. Keur ngaharewoskeun apa kabar ge sok lila badamina make internet teh. Di Mesir gampang teh, ari keur urang lembur mah lain perkara nu gampang.
Nungguan sakolebat samemeh telepon diangkat, pikiran geus ngider kaditu kadieu ngumpulkeun sagala ihwal nu rek diomongkeun. Boh nu penting ti urusan sakola, nepi kanu teu penting saperti senal butut jeung dampal kacugak cucuk di hareupeun Khoiru Zaman.
Aa inget ka Ma Onih teu? Nu bumina di Cikeris Girang. Mun pendak jeung Ema teh sok naroskeun wae Aa. Cenah, Si Kasep iraha uihna? Pasti eta mah mun pendak di mana wae ge sok naroskeun. Maklum atuh ngarana ge kolot teu boga budak. Aa kudu nyaah nya ka Ma Onih teh, komo ku ningali kanyaahna kitu mah. Harita mah pernah datang ka bumi nyuhunkeun poto Aa. Heg ku Ema teh dipasihkeun hiji, meni atoheun pisan. Cenah ge, ku Nini teh sok diciuman wae poto Si Kasep teh dan ieu mah budak Nini nu pangalusna. Komo baheula borojolna ge poe jumaah, pimenakeun ieu mah. Pasti ku Nini mah didoakeun wae. Pokona mah mun aya uih ka Cikeris, Nini kudu pangheulana dibejaan da baheula ge geur Si Kasep borojol teh, Nini nu pangheulana ngalayad.
Engke silaturahmian gera, bakal atoheun. Komo mun bari dikiriman mah, naon weh sabangsaning kadaharan ti Mesir nu kaharti, pasti bakal atoheun pisan.
A, ayeuna mah di bumi teh nu ngaos nambihan seueur. Aya dua puluh dalapanan budak tatangga hungkul nu dialajar ngaos ka Ema jeung ka Bapa. Doakeun nya supaya Ema jeung Bapa sehat, tiasa mangpaat keur tatangga di dieu. Ieu ge meureun Ema jeung bapa teh ngamimitian hungkul, da saterusna mah meureun bakal ku Aa diteruskeuna. Da ari kikieuan mah geningan lain hal anyar keur keluarga urang mah. Apanan ti jaman uyut maneh oge baheula, nu hayang diajar ngaji teh loba daratang ka imah. Tah engke ge meureun bakal kitu we saterusna. Mudah-mudahan sing kajamanan nya ku Aa, beh elmuna mangpaat keur batur. Si Awah ge ayeuna mah keur dipaksa ku Aki supaya sakola deui. Da piraku hirup teh rek eureun mun alo Aa teh ngan hayoh weh nguyek gadag-gidig nguntar-nganteur sound system jeung masang tenda ka ditu ka dieu. Pan urang ge apal, eta pagawean teh lain goreng, ngan lamun masih aya kasempatan keur diajar mah jeung urangna mampu, piraku henteu. Apanan diajar teh wajib.
A, doakeun bapa nya. Sing sehat saterusna. Mun ngomongkeun panyakit di awak bapa mah asa hese neangan tungtungna. Kudu wae jajan ka dokter teh. Unggal minggu teh bapa mah kudu kontrol ka Thamrin. Ngan kitu we ning, ka ditu teh sadaekna. Kadang dua minggu sakali, kadang tilu minggu sakali. Apan lumayan sakali ka ditu teh nya kudu mayar dokter, nambah obat, katambah si Awah teh unggal nyupirana piraku teu dibensinan mah beuteungna. Minggu kamari teh karek beres ngubaran mata nu dioperasi tea. Tah ayeuna teh turun ka perut. Sagala dirontgen geningan. Ti mimiti tulang cangkeng nepi ka peujit-peujit sagala dipotoan ku dokter teh. Doakeun we ku Aa supaya bapa sehat. Mun bapa sehat mah, lumayan meureun moal loba teuing mere duit ka dokter.
A, ayeuna mah Ema tos jarang ka kebon, jadi kebon teh bala weh ku jukut jeung runtah dangdaunan. Mun keur ari mah, kebon teh ngan dipelakan tatangkalan baradag beh teu hese ngurusna, Sugan weh engke mun Aa uih ti Mesir teh aya kai nu bisa diteang keur ngadamel bumi. Mangkat ka kebon teh tos hese neangan waktuna ayeuna mah. Sapopoe teh kalah sibuk nguruskeun incu nu keur meujeuhna baraong. Tadi ge sabuat Ema solat, heg incu teh ngabahe-bahekeun cai dina kasur. Kapungkur mah ka kebon teh sumanget, da unggal metikan cengek atawa kapol teh sok bari ngadoa, supaya cengek jeung kapol nu diala teh bisa jadi musabab ibadah ka mekah. Ari ayeuna mah ka Mekahna atos, jadi hoream we geningan ka kebon teh.
Komentar
Posting Komentar