"When people have the power to choose, they choose wrong."
Manusa dina lalampahan hirupna disayagikeun sagala rupa pilihan. Sok sanajan aya nu ngarana takdir jeung katangtuan Gusti nu teu bisa dicarek prakna, tapi manusa boga pilihan pikeun nangtukeun nasibna. Pilihan nu aya di jaglarna dunya mangrupakeun salasahiji ciri yen dunya teh lain haplah patempatan nu sawarna, stagnan, jeung statis tanpa aya perbedaan. Ngahaja ku Gusti teh diciptakeun manusa dina kaayaan rupa-rupa bangsa jeung suku. Meuntas lembur, meuntas lamping, lain carita nu bakal dipanggihan ku satiap anak Adam dina nalika ngajalankeun hirupna.
Pilihan dina hirup jeung kajembaran dina pilihan eta digerakeun ku ayana emosi dina raga manusa. Lantaran ayana emosi, manusa bisa ngalarapkeun rasa, cipta, jeung karyana dina pilihan-pilihan nu bisa dipilihna. Tapi kumaha caritana lamun manusa teh kudu hirup dina hiji rekayasa sosial nu lingkunganna mancenkeun kana kahirupan anu seragam jeung teratur? Patarosan ieu nu kantos diwaler ku Lois Lowry dina salashiji novelna, The Giver. Sanajan The Giver ngarupa bentuk karya sastra, tapi eta karya boga pangaweruh nu pohara gedena di sabagian sakola jeung lembaga-lembaga pendidikan nu aya di Amerika. Dugi ka eta novel teh dijadikan bacaan wajib pikeun barudak SMA nu aya di ditu.
Kumaha pakuat-pakaitna antara emosi jeung raga? Ceuk Lois Lowry mah mun jelema hirup dina kaayaan teu miboga emosi, eta jelema hirup taya bedana jeung robot nu sagala ungget usikna diatur ku sistem. Moal kacaritakeun aya pasualan cinta, sedih, bendu, kecewa, hariwang, kamelang, mimpi, harepan, atawa bisa-bisa urang moal wanoh kana nu ngarana du'a. Numutkeun ka caritanan si Lois, leungitna emosi di sagalarupaning kahirupan umat manusa matak ngabalukarkeun kana leungitna perbedaan. Sagalana bakal jadi seragam da diatur tea ku sistem. Mun kitu jadina, manusa lir hirup dina hiji rohangan nu teu ngawidian kanu nyicingannya pikeun miboga pilihan dina hirup.
Ku kituna, eta meureun nu matak sabagian ahli filsafat ngasumsikeun yen hirup manusa teh lain ngan saukur perjalanan raga nu borojol, hirup, sabadana tilar jadi bangke nu leungit diopi sasatoan taneuh. Aya unsur instrinsik nu leuwih penting batan raga, nu ilaharna disebut emosi tea. Sok sanajan emosi teh teu salilana ngahasilkeun kaayaan nu alus, samisal ayana pabenduan, ambek, perang, salisih paham, tapi ketak emosi dina ngahirup-huripkeun manusa pohara gedena. Emosi manusa dina ngawangun harmoni perbedaan kalintang pentingna, nitenan kana pungsina dina hirup urang yen ku ayana emosi, urang bisa wanoh ka diri sorang, wanoh ka lingkungan sorangan, jeung nu leuwih utamana, kalawan emosi manusa bisa wanoh ka Pangeranna.
Numutkeun buku Haul Adab Jahily wa Qodhoyaahu (Sabudereun Sastra Arab Masa Jahiliyah) karangan Prof. Dr. Syafieq Abd Rozaq, emosi teh mangrupa gairah panasaran, teu puas, tur hayang apal, nu ngadorong manusa sakaligus mere informasi pikeun nerjemahkeun dunia sabudeureun manusa eta matuh. Hartina manusa moal bisa ngarti jeung mikayaah ka diri jeung lingkunganna mun emosi teu hadir dina ragana. Tinangtu yen ieu teh ngan saukur aksiologi tebak-tebakan, duka kumaha jadina mun bener tea mah jelema teh hirup di alam dunya teu miboga emosi. Nu namina teori mah sok ngaku-ngaku bener pikeun ngajaglarkeun pasualanna. Istilahna mah skeptisme tea.
Emosi anu dina basa Arab mah disebut 'Athifah mangrupikeun salah sahiji unsur nu kudu ayanan dina karya sastra. Hartina, teu sah mun nalika nyayagikeun karya sastra mun di jerona teu ngamuat emosi pikeun penikmatna. Apanan mun ditingali tina pungsina mah, sastra teh kudu berpungsi sabage docere (mere rasa) di samping ayana pungsi lain saperti movere (ngagerakkeun) jeung delectare (ngajarkeun).
Sabagian ahli psikologi ngabagi emosi jadi dua bagian. Aya nu disebut emosi dasar (primer emotion), aya oge nu disebut emosi campuran (mixed emotion). Di antara emosi dasar, cenah, aya genep rupa: emosi kabungah (Ibtihaj), kaambek (Ghodhb), kasedih (Hazn), Kasieun (Khouf), kageuleuh/kangewa (Isti'zaaz), jeung kaheran/kareuwas (Mufaajaah). Salian ti nu genep ieu, berarti campuran. Misalna kabungah panggih jeung panarimaan, jadi kaasih. Kasedih panggih jeung kareuwas, jadi kecewa. Bisa oge kaasih dicampur jeung kaambek, jadi cemburu.
Kira-kira, sagala rupa emosi ieu nu ngadorong manusa pikeun nyiptakeun aneka rupa karya. Ku lantaran kitu, urang jadi miboga alam dunya nu kacida beragamna, aya pangbeda antara jinis nu hiji jeung nu lainna, aya kajembara wewengkon nu kalintang saena.
Terus kumaha cenah sangkan manusa teh bisa ngagunakeun emosina dina jalan anu bener lungsur langsarna? Di palebah dieu sastra miboga peran. Nu jadi sabab sastra jadi bahagian tina paradaban umat manusa nyaeta sabab ku ayana sastra, manusa bisa ngolah rasa, ngontrol diri, ngasah pamikiran, jeung maheutkeun ide jeung kalakuan dina jalan nu dipihormat.
Kirana tah ieu jawaban kuring ngeunaan patarosan nu kantos ditaroskeun Kang Ocad dina hiji wanci. Saurna bari ngeluh, naon kahartina urang diajar sastra? Ngapalkeun syi'ir Arab, ngapalkeun Mu'allaqoth, ngapalkeun orasi jahiliyah, jeung sajabana. Harita sim kuring ngan nembalan kieu, diajar sastra mah ulah ngan saukur make logika, Mang! tapi kudu make emosi oge. Untungna aya Mang Husen di gigireun nu ilu biung nambahkeun eta jawaban. Pokna teh, diajar sastra teu make rasa mah hese. Lain urusanna mun diajar matematika jeung ilmu mawaris. Nu kitu mah geus dumuk itung-itungannana. Diajar sastra teu make rasa mah ibarat nyieun teh manis make gula nu aya di kapal terbang. Teu karasa amisna beulah mana.
Tapi ieu jawaban duka bener duka henteu. Nu dumuk mah eta caritana The Giver nu karek rengse ditongton versi pilemna, cukup ngahibur jeung ngainspirasi pikeun nulis ieu catetan. Sabenerna mah lain wayah sim kuring nyieun tulisan, samentara aya hal lain nu leuwih penting can beres digawean. Mikiran ujian Tarikh Adab nu dumuk mah teu matak lapar jadi leungit. Nu aya kalahka rungsing da nu ngaranna diajar sejarah mah, geningan kudu ngapalkeun loba ngaran si fulan bin fulan, sakaligus jeung tek-tek-bengekna salila hirupna. Acan kudu ngapalkeun taun jeung angka-angka. Apanan ti keur jaman sakola ge apal, kuring mah sok rada ijid kana angka teh, iwal ti angka duit. Ku lantaran eta apanan harita teu milih kelas IPA basa SMA teh, da apal di kelas IPA mah bakal paamprok wae jeung angka. Akur di kelas IPS ge, angkana mah bener angka duit, tapi piktip.
Ujianna masih kana tilu poean deui. Ah kieu we gening mahasiswa saaku-aku mah, nyantai jeung salse salila masih aya waktu keur ngopi jeung nongton pilem mah. Nepi ka hiji wanci, Mang Husen nawarkeun pilem anyar nu karek rengse didonlod. Judulna The Giver anu disutradaraan ku Kang Phillip Noyce. Sakumaha ilaharna, kuring mah mun rek nongton hiji pilem teh sok ningali heula trailerna, atawa mun keur daek mah neangan heula ulasanna di google beh teu kecewa. Bisi hanas ditonton mangjam-jam lilana, tapi teu rame. Pan mubadzir waktu tea. Mun apal teu rame mah pan bisa dipake keur nongton pilem lain nu leuwih rame.
Dina ulasan dicaritakeun yen eta film teh diadopsi tina novel. Tah biasana, film barat nu diadopsi tina novel mah sok rame. Teangan deui di Google eta novel, tapi kalah nyasar ka hiji toko buku nu aya di Indonesia. Cenah mah tos aya terjemahanna, mangga digaleuh. Kumaha meulina ari kudu jauh gidig mah. Akhirna dari pada riuet mikian Tarikh Adab, ditilep heula eta buku, tuluy nonton heula pilem nu disuguhkeun Mang Husen. Hasilna teh Alhamdulillah jadi beuki hoream neruskeun hanca buku Tarikh Adab. Kalah ka curhat dina pesbuk. Ari mimitina mah bener, muka internet teh rek muka gugel translate keur diajar nerjemahkeun buku, tapi lila kalilaan mun geus karasa cangkeul cangkeng, der mimiti muka tab anyar, muka soundcloud heula beh diajarna rada karasa merenah ari dimusikan mah. Tuluy muka youtube beh bisa nyetel musikna full albeum. Tulus muka pesbuk jeung sajabana. Bral weh bukuna mah teuing kamana.
Tapi beh teu disebut teu diajar jeung ngagunakeun waktu keur kasia-sian, ti saprak nongton pilem eta kuring jangji rek ngaitkeun eta pilem jeung mata kuliah nu keur ngadekul diapalkeun. Katambah deui aya patarosan Kang Ocad nu can jaglar kawaler. Hasilna jadi sakumaha dicaritakeun di luhur.
Ieu diajar sejarah naha meni teu sagampang nongton pilem nya? Boa-boa pedah kuring diajarna teu make emosi sugan?
08 Januari 2015
Komentar
Posting Komentar